Selasa, 13 Januari 2009

KUTIPAN ZABUR DAUD

HIJI DOA TINA KITAB JABUR DAUD
(Mazmur: 139:1-4)

Nun, Pangeran, Gusti parantos nguji diri abdi sareng uninga ka abdi.
Gusti uninga kana sagala rupi anu dilampahkeun ku abdi
ti nu tebih Gusti waspada kana pikiran abdi
Boh abdi keur digawe, boh keur reureuh, ku Gusti abdi katingali, sagala tingkah polah abdi kauninga.
Malah Gusti uninga kana pisanggemeun abdi memeh ku abdi dikedalkeun.
Di mana-mana di sakurilingeun abdi, Gusti aya, kakawasaan Gusti ngaraksa.
Kauninga Gusti perkawis abdi pohara jerona, henteu kahontal ku akal.
Ka mana abdi tiasa indit nyingkiran Gusti?
Ka mana abdi tiasa ngejat ti hadirat Gusti?
Ngungsi ka langit Gusti aya di dinya
Hiber ka beh ditueun wetan atanapi matuh di peuntas pangjauhna di kulon,
Gusti aya di dinya baris nungtun abdi,
Gusti aya di dinya baris nulungan abdi
Upami abdi menta kapoek sina moekan, atanapi menta kacaang sina jadi caang,
Poek oge keur Gusti mah henteu poek
wengi oge sami caang sapertos siang
Poek sareng caang keur Gusti mah sami wae
Gusti anu nyipta saban babagian raga abdi
Gusti anu merenahkeun, anu ngawangunna dina kandungan pun biang
Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel
Gusti ajaib, pihelokkeun: eta abdi terang pisan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar